Awal Ti Persahabatan ( Drama Sunda Komedi-Tragedi kelas 9G 2011-2012 ) SMP Negeri 1 Rangkasbitung



Awal ti Persahabatan
Palaku :
Arif Ramadhan – Kang Iwan
Diva Rahmat Bahtiar – Malik
Danuh Ramdhani – Dalang jeung Pak Maman
Dikny Asti Khaerunisa – Iis
Fitri Agisna Dwi Putri – Ita
Sabila Fathunisa – Ida
Prolog :
Dina hiji Dusun, aya awewe geulis jeung jadi sasaran lalaki-lalaki.. ngaranna Iis.
Beurang eta, Iis jalan ti pasar nuju ka bumi sareung awewe, babaturan Iis.. ngaranna Ita.
Ita : “ Is, lalaki di dieu teh sok merhatikeun maneh, tapi sampe ayeuna maneh teh tacan milih diantara maranehannana, kunaon ?” (panasaran)
Iis : “ Ta, Iis mah bade senang-senang sareng dunia Iis nu ayeuna, teu hoyong ribet Iis mah..” (seuri laun)
Ita : “ Tapi, Iis resep pan ka si tampan ?” (bari nunjuk lalaki nu keur mawa kayu)
Iis : “ Aih Si Ita, Anjeunna emang keur baheula teh ngejar cintana Iis tapi pan, ayeuna Anjeunna tos sareng Si Ida.”
          Obrollan eta berenti, keur Ida ujug-ujug dateng bari ngagetkeun.
Ida : “ (Sombong). Hahahaha maranneh keur ngomongkeun kabogoh abdi nya ?”
Ita : “ (Nemballan) . PeDe amat sih Maneh !!”
Ida indit sombong bari seuri puas ka Iis.
Ita : “ Geulis meureun maneh!!” (emosi)
Iis : “ sabar, Ta..” (bari nenangkeun Ita), “ yu, urang uwih.. tos beurang” ( bari ngajak uwih)
Ita : “hayu” (senyum)
          Sampenna di Bumi, ujug-ujug aya sepucuk surat beureum dihareupeun panto bumina Iis.
Iis : “ (ngambil surat bari Bingung). Ti saha ieu nya, Ta ?”
Ita : “ haduh.. Si Iis beurang-beurang tos meunang surat beureum “sapucuk surat beureuuuum… (bari nyanyi), buka atuh Is buka..” (panasaran)
Iis : “ (maca surat) “ Is, Kang Iwan mah masih hoyong nunggu Iis, Ida mah beda jauh jeung Iis. Iis bisa teu sore urang katimu dipinggir kali ? Akang tunggu nya, Is ?!” (bari senyum)
Ita : “ hahah (bari seuri puasa). Kang Iwan tuh kan Is? Iwan teh masih resep ka maneh, Is. Ida teh beda jauh jeung Iis. Terima wae lah terima ajakanna, bari nyeuseuh acuk ” (mere saran)
Iis : “ (sieun jeung bingung). Sieun Iis mah ka Si Ida, sieun Ida marah ka Iis..”
Ita : “ moal teurangeun ieu Is. Ida pan anti ka kali” (bari maksa)
Iis : “ muhunlah, bari nyeuseuh acuk”
          Keur Iis nungguan saat patemuan eta.. akhirna sonten, Ita dateng ka bumi Iis bari ngingettan.
Ita : “ punten Is, ieu Ita Is.. maneh dimana ? “dimanaaa.. dimanaaa.. Si Iis ?? (bari nyanyi jeung neangan Iis)”
Iis : “ Iis dikamar, Ta”
Ita : “ pan maneh teu ka kali, Is ?” (bingung)
Iis : “ ieu geh bade, Ta. Tapi Iis teh bingung!” (bari cambetut”
Ita : “bingung kunaon ?” (panasaran jeung aneh)
Iis : “ Iis geulis teu nyah ?” (bari ningali kaca)
Ita : “ hahaha.. Iis – Iis .. maneh teh teu dandan oge geulis bae..” (bari seuri ningali Iis na kaca)
Iis : “ muhunlah mun kitu mah, Iis indit heula. Pang candakkeun ember nu diditu, Ta” (siap-siap bari menta tulung ka Ita)
          Iis angkat ka kali jeung bungah.
          Sampenna Iis di kali, Iis teu ningali Akang Iwan didinya.. Iis bingung, sedih  jeung mikir Kang Iwan teh tos ngaboong ka Iis.
Iis : “ (ngumes diri sorangan). Aaahhh Iis! Toslah, niat maneh tos leungit pikeun katimu jeung kang Iwan. Mending nyeuseuh acuk waelah.. “ (bari dieung jeung nyeuseuh)
          Ujug-ujug kadenge gomballan Kang Iwan ka Iis nu keur assik nyeuseuh bari dieung.
Kang Iwan : “ ekhmm.. aya awewe geulis yeuh keur nyeuseuh di dieu ?!” (bari senyam-senyum)
Iis : “ (senyum). Kang Iwan ?! kirra Iis, Kang Iwan teu dateng..!”
Kang Iwan : “ nteu mungkinlah Kang Iwan ngalewattan pajumpaan anu endah ieu jeung eneng Iis anu geulis..” (ngagombal bari noel Iis)
Iis : “ ah, Si Akang mah bisa wae” (mukana Iis langsung bareureum / isin)
          Suasana teh jadi rehe, Kang iwan mulai deui ngagombal.. suasana karasa rame jeung gomballan ti Kang Iwan.
Kang Iwan : “ eneng!” (bari ngagoda Iis nu keur nyeuseuh)
Iis : “ aya naon Kang ?” (bari senyum)
Kang Iwan : “ eneng, teurang teu..kunaon uyah rasana asin ?!”
Iis : “ aih atuh si Akang mah, pan uyah dijieunna ti pasir pantai, nu Iis teurang mah eta”
Kang Iwan : “ sanes atuh neng..! (seuri)
Iis : “ pan lain ?” (bingung)
Kang Iwan : “ soalna, anu manis teh ngan neng Iis .. heheh” (bari noel dagu Iis)
Iis : “aih.. Si Akang.. bisa bae..” (malu)
Kang Iwan : “ neng terang teu, kunaon Akang ngabogaan cita-cita hoyong ngagaduhhan kareta?”
Iis : “ hmm.. Si Akang bercanda nya ?” (beunget teu percaya)
Kang iwan : “ bener atuh neng…”
Iis : “ kunaon emangna Kang ?” (panasaran)
Kang Iwan : “ sabab… Akang the hoyong selalu berenti distasiun hati neng Iis..”
Iis : “ aih Si Akang, mani genit pisan..” (bari seuri)
          Keur maranehannana seuri bareng, teu disangka aya Malik shobatna Ida ningali kang Iwan jeung Iis duduaan. Tur malik teh langsung nyamperkeun Ida.
Malik : “ ida… Ida… Ida… Si Iwan tah, Da..” (bari teteriakkan)
Ida : “ kunaon Kang Iwan ? aya naon ?” (panic)
Malik : “ eta, Si Iwan…” (engap abis lalarian)
Ida : “ anu jelas.. aya naon? Santai bae, santai..” (ngabentak)
Malik : “ eta.. Si Iwan jeung Si Iis keur duduaan di kali, bari seseurian”
Ida : “ nu bener , Lik … ?? hayu anter Ida kaditu..” (bari marah)
          Sampenna Ida jeung Malik di kali, ningali Iis jeung Kang Iwan keur duduaan bari seuseurian bareng.
Iis : “aaah.. Akang bisa bae..” (seuri laun)
Kang Iwan : “ (seuri bari mandang Iis) ”
Ida : “ euleh euleuh… keur naon Kang iwan sareng Si Iis di dieu ? (marah).
Woy maneh! Awewe penggoda! Keur naon maneh ngagoda kabogoh abdi, hah ? murahhan maneh!!” (bari ngabentak Iis)
Kang Iwan : “teu aya nanaon , Da.. teu aya nanaon…” (kaget ningali Ida jeung Malik aya ditukangannana)
Ida : “ toslah Kang, cicing wae. Ida teh nyeuri hate dikieukeun.. naon eta maksudna duduaan jeung  Si Iis???” (emosi)
Malik : “ nyaho nyah, Si Iwan! Geus boga kabogoh geh! GENIT!!! “ (bari hewa ningali beunget Kang Iwan anu langsung narik leungeun Ida Indit)
Kang Iwan : “ IDA !!!” (ngabentak bari narik leungeun Ida)
Iis : “ Iis hampura ka sadayana.. Iis jeung Kang iwan teh teu aya nanaon.. Kang Iwan teh ngan hoyong ngahibur Iis.. lain nanaon..” (sedih)
Ida : “ geuslah, cicing maneh!!” (marah jeung ngabentak, bari indit ninggalkeun Iis)
          Malik oge pipilueun Ida jeung Kang Iwan indit. Geus eta, tos agak jauhhan ti pandangan Iis, Kang iwan ninggalkeun.
Kang Iwan : “ Ida! Kunaon sih maneh ka Si Iis kasar amat!?” (ngabentak ida)
Ida : “ Akang tah, kunaon sih kudu ngahibur Si Iis sagala ? Ida geh hoyong dihibur ku Akang siga Iis tadi..” (sedih)
Malik : “ ho’oh tah, nanaonan boa Si iwan ?!!” (nembal teu sopan)
Kang Iwan : “ Malik !!! nanaonan maneh ?! indit kadieu ? ieu the urusan Iwan jeung Ida.. teu aya urusanna jeung maneh, tong ikut campur ah! “ ( bari mamarahan ka Malik)
          Malik oge indit ninggalkeun Ida jeung kang Iwan.
Ida : “ nanaonan Akang ngusir Malik ? Malik teh niatna bageur.. manehna anu mere nyaho mun Akang teh keur duduaan jeung Si Iis..”
Kang Iwan : “ sanes nanaonan , Da.. pan Si malik teh teu aya urusanna jeung urang ? (serius)..”
Ida : “ Si Malik teh shobat Ida, rencangan Ida, Kang.. sakarep Akang wae atuh lah.. Ida bade uwih, nyeuri hate di dieu mah.. (ambek) “
Iis : “ (nyamperran). Ida.. Iis hampura ka Ida.. Iis teh jeung Kang iwan teu aya hubungan nanaon..” (bari megang leungeun Ida)
Ida : ‘ geulah , is “ (bari ninggalkeun)
          Iis balik ka bumi jeung nyamperkeun Ita nu keur nunggu kadatengan Iis..
Iis : “ ita.. L .. bener ceuk Iis geh.. Ida teh marah keur ningali Iis jeung Kang Iwan cacandaan di kali” ( bari cambetut )
Ita : “ pan bisa kanyahoan?”
Iis : “ tadi Si Malik ningali Iis jeung Kang Iwan di kali, terus manehna mere nyaho Si Ida.. L
Ita : “ Si Malik mah emang kitu Is.. tos ah, ulah dipikiran deui.. Ida teh cemburu ka Kang iwan..”
Iis : “kapikiran wae puguh .. L
Ita : “atuh.. ayeuna Iis asup ka kamar atuhlah.. istirahat wae.. tong terlalu mikiran nu tadi..”
          Kaisukanna.. Kang Iwan ngadatengan bumi Iis..
Kang iwan : “ Assalamu’alaikum… punten..” (bari salim ka Pak Maman, bapakna Iis)
Pak maman (bapakna iis) : “ mangga, bade ka saha, Wan ?”
Kang Iwan : “ bade ka Iis, Pak.. Iis na aya, Pak ?”
Pak maman : “ teu aya, nuju ameng jeung Ita..”
Kang iwan : “ kamana nya pak kira-kira ?”
Pak maman : “ duka atuh bapak teh teu terang..”
Kang Iwan : “ muhun atuh pak ari kitu mah.. Iwan pamit, Assalamu’alaikum..”
Kang Iwan langsung neangan Iis jeung Ita.. ternyata, Iis jeung Ita keur aya dikebon.
Kang Iwan : “ (nyamperkeun Iis) Iis, Akang hampura ka Iis keun kajadian kamari..”
Iis : “ (seuri laun ) muhun atuh Kang.. ulah diinget-inget deui.. tos Iis maapkeun”
Ita : “ Eh, aya Kang iwan.. masih jeung Ida, Kang ?”
Kang iwan : “ tos henteu, Ta.. eta oge Akang nu mutuskeun, ida..”
Ita : “ kunaon ?” (panasaran)
Kang Iwan : “ Kang Iwan teh teu tahan ka sikapna Ida nu gampang marah, egois, jeung cemburuan ka Akang.. mending akang jadi rarencangan wae jeung ida teh” (bari senyum)
Ita jeung Iis : “ oh..” (ngarti)
Iis : “(senyum) oh.. hayulah urang uwih..”
          Keur Anjeunna jalan, ujug-ujug Ida jeung Malik dateng, nyamperkeun..
Ida : “ Iis, tunggu! Ida bade ngomong ka Iis..”
Iis : “ muhun, bade ngomong naon Da ?”
Ida : “ hampurakeun Ida nya Is.. kamari ida tos mamarahan ka Iis.. Hampurakeun ida nya Is..?”
Iis : “muhun Da.. teu kunanaon.. tos di hampurakeun ku Iis oge..”
Malik : “ malik oge nya Is, Wan, Ta.. hampura..” (bari senyum)
Iis : “ muhun… sadayana oge, Iis maapkeun.. Ida, ulah sok salah paham jeung mikirin nu keur kamari nya ?! jeung ulah egois, okke?!” (bari meluk Ida)
Ida : “ enyaa… Ida janji teu egois jeung teu salah paham deui..”
Ita : “ hmm.. mun kit, urang jadi rarencangan bae nyahhh…” (bari meluk Iis, jeung Ida)
Kang Iwan : “ ya.. urang satuju jeung urang jadi rarencangan wae, okke.. iwan mere ngaran kasih sayang rarencangan urang ieu “PERSAHABATAN” “ (bari meluk sadayana)
Sadayana : “ muhun..”

          Akhirna..Iis, Ida, Ita, Malik, jeung Kang Iwan jadi rarencangan “bersahabat” nu saling ngeri jeung ngahargaan.
Amanat : 
·         ulah egois jeung bangga kadiri sorangan.. ·         jadi jalema teh ulah sok su’udzon. ·         Sabab, bisa ngabuat babaturan, jadi musuh!


Komentar

Postingan populer dari blog ini

My Inspiration...

My Favorite quotes - Ilana Tan :)

Aku kehilangan dia..